Selasa, 31 Agustus 2010

PUISI Kanggo Salira

Kanggo Salira

jungjunan
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik
unggal malik..
duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
..
aya anu gumuruh dina lebet dada ..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna..
..
kuring bagja pisan
anu karaos teh endah..
duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..
ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira.
..
salam sono sareng katresna..

wanci yuswa tunggang gunung



Wanci yuswa tunggang gunung
Sagala nu ngarandapan narembongan
Nyisit melit kana ati
Matak eungap kana ambeukan

Manci yuswa tunggang gunung
Sagala kahayang narembongan
Bongan diri geus teu uni
Nyalimpang kana dir sorangan

Wanci yuswa tunggang gunung
Kahoyong tinggal kahoyong
Hoyong nyorang waktu katukang
Matak mawa kasalempang






Sariak Layung


Layung di beulah kulon geus nembongan
Tandana srangenge geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung
Hawa sore beuki karasa
Angin peuting geus ngadagoan
Naha kuring bet inget ka wanci haneut moyan?
Di lebah buruan aya kembang kanyaah anu keur meujeugna ligar
Daunna hejo ngemploh matah betah mun ngiuhan
Waktu panon peo geus manceran
Eta kembang teh bet jadi leugit teu puguh juntrunganana
Kuring ngan nyekel kembang kanyaah anu murag
Dibawa diteundeun dina kantong katresna
Ayeuna wanci geus sareupna
Kuring moal bisa manggihan waktu beurang anu tadi
Sariak layung pang nepikeun ieu tresna
Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah
Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu asih
Ayeuna geus waktuna ngitung bekel
Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting
Ayeuna geus waktuna ngurus diri
Diri anu lakomot ku polah anu teu guna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar