Jumat, 30 Juli 2010

PAGELARAN SENI DAN BUDAYA SDN CIBIRU 1 Tahun 2010






ACARA PEKAN KREATIFITAS SISWA
PERPISAHAN SISWA KELAS 6 SDN CIBIRU 1.5 .7 TAHUN 2010
- Rampak kendang
- jaipongan
- pencak silat
- upacara adat
- calung
- tari merak
- Rampak sekar
- kreasi siswa
- dll








Kamis, 29 Juli 2010

PERIBAHASA SUNDA

sedikit saya coba menulis peribahasa sunda yg dahulu sering dipakai dalam keseharian. namun di era sekarang ini sudah jarang penggunaannya sudah jarang kita dengar atau kita jumpai. dibawah ini ada beberapa peribahasa sunda yg coba saya tulis dan coba saya artikan kedalam bahasa indonesia dari huruf A sampai k . maaf belom sempat saya tulis semua karna keburu ngantuk.hehehehe... dan untuk sisanya dari huruf L sampai w InsyaAllah dilain waktu akan saya lanjutkan semoga bisa sedikit membantu bagi teman-teman yg ingin belajar atau sekedar ingin tahu semoga bisa bermanfaat.
Paribasa Sunda
  • Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.= berpura pura baik, cari muka, setelah tau sifat buruknya orang lain akan benci dan tidak suka.
  • Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.= lupa teman,lupa saudara, seperti kacang lupa kulitnya.
  • Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.= keras kepala.
  • Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.= kaya dengar harta milik orang lain dan barang pinjaman dari orang lain.
  • Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.= sombong, besar kepala.
  • Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.= bangga dengan leluhur sendiri
  • Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.=pintar dalam berbuat kejelekan
  • Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan. = laki laki yg sudah tua
  • Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.= sering mengaku ngaku kenal atau bersaudara dengan orang yg kaya,orang sucses , dengan maksud ingin dihormati,dipuji atau mencari keuntungan.
  • Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna .= mau berbagi dan memberi namun karna ingin dipuji,merasa dirinya palimg kaya.
  • Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.= suka bila dipuji orang lain. merasa dirinya paling hebat.
  • Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.= bukan seperti yg diharapkan jauh dengan yg diinginkan yg menimbulkan kesusahan.
  • Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna. = bagus perawakannya.
  • Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
    napsu kapegung.= emosi yg terpendam
  • Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.=gampang marah ,tentrament.. bila sudah marah sulit reda.
  • Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  • Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.= bila ada yg memberi sesuatu harus sebisa mungkin dijaga.
  • Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh. = tidak dewasa. umur sudah tua tapi berbeda dengan pemikiranya.
  • Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  • Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.= mendapatkan kebahagian yg besar. yg sebelumnya tak pernah dibayangkan.
  • Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.= memiliki rasa hutang budi yg besar.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.= amat sayang/persaan kasih sayang yg besar.
  • Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.=kehilangan orang yg menjadi panutan.atau orang yg diandalkan.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.= wajah melihat tapi hati berpaling, seperi yg rindu tapi sebetulnya tidak.
  • Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.= menyatakan tempat.
  • Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian. = yg mustahil pun bisa terjadi.
  • Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.= mau dapat kebahagiaan,atu keuntungan tapi tidak jadi.
  • Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.=karna ada koneksi orang2 penting. bila ada keperluan/kesusahan jadi gampang.
  • Aya hate kadua leutik naksir. = hati kecil berkata suka.
  • Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa dihéroan. = ada yg ditunggu
  • Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana. = yg pintar dan yg bodoh tidak akan sama derajat dan penghasilannya
  • Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun. = tempat kelahiran
  • Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari. = sakit hati yg mendalam
  • Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate. =ridho, ikhlas, dengan hati yg bersih.
  • Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula. = berpikiran buruk terhadap sesama.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka. = selalu bersama baik dalam suka dan duka.
  • Beurat birit hese jeung sungkan dititah.= susah disuruh
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.= selalu ikhlas bila memberi atau menolong tidak pernah ada diumbar umbar hanya tuhan yg tau.
  • Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana. = bila ada salah dari penyampaian pokok pokok nya.
  • Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur. = sering menggunjing. atu membicarakan kejelekan orang lain.
  • Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur. = tidak bisa menjaga rahasia
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung jawabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian. = sebagai perantara hanya menyampaikan dan tak bertanggung jawab bila ada kesalahan.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah. = rajin dalam mencari kipayah.
  • Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana. = rasa kecewa karena ada kekurangan dalam suatu pekerjaan atau permaksudan.
  • Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas. = tidak selamat.
  • Bobot pangayun timbang taraju kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan. = segala tindakan atau pekerjaan harus dipertmbangkan terlebih dahulu.
  • Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede. = yg kecil melawan yg besar/ tidak imbang.
  • Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih. = mencari ilmu sambil bekerja dan mendapatkan upah.
  • Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed. =glagat seperti seorang yg alim/ santrt, akan tetapi suka mengambil yg bukan haknya, atau miliknya.
  • Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur. = bila mendapatkan perintah tidak dikerjakan sendiri melainkan memerintah lagi kpd orang lain.
  • Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.=pelit
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake. =perlente,keren, berpakaian bagus berpenampilan baik.
  • Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh. = slalu mau memaafkan
  • Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat. = mengerjakan hal yg tidak bermanfaat.
  • Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna. = bila mengerjakan sesuatu tidak beres,tidak sempurna.
  • Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang. = ucapannya manis tapi berbahaya.
  • Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
  • Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan. = perubahan yg drastis. berawal rame menjadi sepi
  • Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer. = beradu mulut. membuat kegaduhan.
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur. = gampang ditipu.
  • Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna. = sering menceritakan apa yg didengarnya walaupun belum tentu kebenaranya.
  • Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang. = berteman dengan orang yg berbahaya
  • Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa). = ibarat air jatuh ke batu lambat laun batu akan bolong/ menipis (berlogak) bila kita mau belajar lambat laun akan merubah diri kita yg tadinya tidak bisa menjadi bisa.
  • Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana. = beda tempat beda adat istiadat dan kebiasaan.
  • Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk. = keluar dari hati yg bersih ikhlas.
  • Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ngajadi anak, lamun bapana henteu bageur. = bila kita mengajarkan hal kita harus sekaligus menjadi contoh yg baik.
  • Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung. = pelit ingin enak sendiri.
  • Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna. = ada uang ada barang
  • Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris). = berharap ada jodo (waris)
  • Désa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda.= menggambarkan keadaan dan kebiasaan desa dan kota (negara) tentu berbeda
  • Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian. = jadi tontonan dan pujian karna ahli dalam bidang seni.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. = dahulu didirikannya atau direncanakanya tapi baru sekarang ketemu/ atau di dapatinya.
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan. = belum bercerai akan tetapi tidak di nafkahi lahir maupun batin.
  • Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat. = disangka berperilaku baik ternyata perilakunya buruk.
  • Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.= selalu disamakan dengan yg lain tetapi belum tentu sama buruknya.
  • Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes. = dilihat dari sisi manapun tetap cantik
  • Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon. = bantuan yg sia sia / tidak diharapkan.
  • Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.= disayang dan disukai sejak kecil berharap setelah besar bisa menjadi istri namun setelah besar diperistri orang lain. ya sudah bekerja keras namun tiada guna.
  • Dosa salaput hulu kacida loba dosana. = banyak dosa dan kesalahanya
  • Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki.= istri harus selalu menurut kehendak suami
  • Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik. = dalam memberi tidak adil.
  • Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu. = pintar menasehati orang lain tapi tidak dilakukan olehnya sendiri
  • Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan. = bersatu dalam berbuat kejelekan.
  • Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tamu. = tuan rumah merugikan tamunya. biasanya tuan rumah tidak pernah menyuguhi tamu. tapi berharap tamunya datang membawa sesuatu
  • Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae. = sedang sekarat tinggal mennggu ajal.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea. = kesusahan dalam keluarga dan kerabat biasanya membingungkan semua
  • Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.= dalam satu keluarga keturunanya tidak selalu sama baik rejeki, nasib, dan derajatnya
  • Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.= terburu buru dalam mengerjakan sesuatu hasilnyapun tidak memuaskan
  • Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun. = selalu ingin tahu lebih dalam bila mendengarkan sesuatu hal.
  • Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan. = berhenti makan karna ada sesuatu yang harus dikerjakan, atau menunggu makan lain.
  • Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng. = mengibaratkan orang yg memiliki badan yg tinggi besar namu pekerjaannya jelek/ tidak rajin. tidak punya keahlian
  • Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng. = bangga dan sombong karena memiliki saudara yg kaya, sucses atau orang penting.
  • Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan. = mengandalkan saudara atau teman yg kaya untuk bisa membantu, bila ada kesusahan.
  • Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur. = gampang menyalahkan orang lain.
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug. =
  • Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki. = memiliki sifat iri dengki, jahil,dzolim.
  • Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga. = mengibaratkan orang yg dandanannya keren, tapi dompetnya kosong (tidak punya uang)
  • Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina. = yg kaya yg miskis,yg tinggi, yg rendah sama saja jangan dihina
  • Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan. = datang sendiri tanpa diundang berharap disuruh bantu kerja agar puas makan.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna. = tiada akhirnya
  • Gurat batu Pageuh kana jangji.= kuat memegang janji
  • Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula. = Allah tidak akan memberi rahmat dan keridhoan kpada orang yg berbuat dzolim, atau dosa terhadap sesamanya.
  • Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna. = baik ucapanya dan tingkah lakunya.
  • Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna. = ucapan yg baik menghasilkan sesuata yg baik begitu juga sebaliknya ucapan yg buruk hasilnyapun akan buruk. karna ucapan adalah doa
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe. = kebaikan yg begitu besar yg sudah lama ditanam akan hilang oleh kesalahan kecil
  • Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun. = ucapanya buruk sering memarahi orang lain tapi sering memberi
  • Hampang birit gampang jeung daekan dititah. = gampang disuruh
  • Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan. = bukan penakut.
  • Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram. = gampang mendapatkan harta kekayaan tanpa memikirkan halal dan haramnya.
  • Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep. = mau untung malah rugi
  • Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean. = tidak kerasan. baik dalam urusan pekerjaan, tempat tinggal dll
  • Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri. = keinginan bisa tercapai tanpa harus ada pihak ya dirugikan.
  • Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina. = dulunya kaya sekarang melarat.
  • Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.= menyetujui suatu keputusan karna terpaksa dengan hati yg tidak ikhlas
  • Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.= ingin mengungkapkan suatu perkara akan tetapi takut untuk mengungkapkannya karna takut atau malu.
  • Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah. = merasa cukup dari pemberian orang lain tidak pernah mau berusaha mencari sendiri.
  • Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon. = pasrah tidak memiliki keinginan apa2
  • Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana. = dalam setiap laku lampah kita dalam menjalani hidup harus baik, agar diceritakanya nya pun baik.
  • Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung. = yg senang tambah senang yg untung tambah untung
  • Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.= mengibaratkan orang yg harkatnya lebih tinggi atau yg lebih kaya.
  • Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus. = terlihat keren/gaya karna memakai pakaian dan perhiasan yg bagus.
  • Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan. = memiliki rasa yg lebih hebat dari orang lain.
  • Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan). = menyerahkan segala sesuatunya baik buruknya/ biasanya dipake dalam acara seserahan pernikahan.
  • Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar. = mengibaratkan turunannya dari orang kaya/raden bawaan dari ibu dan bapa
  • Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna. = menggambarkan rasa cemas
  • Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina. =rasa cemas dan takut yg begitu besar.
  • Ipis kulit beungeut Gede kaera. = pemalu
  • Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.= terlalu berani tanpa memikirkan bahaya.
  • Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon. = sok tahu.. ikut menceritakan suatu hal padahal tidak tahu apa2
  • Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba. = sudah menjadi rahasia umum/ jadi bahan pembicaraan orang banyak.
  • Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan. = jaman duluu
  • Jati kasilih ku junti pribumi kaelehkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  • Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  • Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  • Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki. = orang yg berperilaku buruk. tidak akan mendapatkan kebahagiaan.
  • Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana. = terkenal
  • Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana. = orang yg menjadi kambing hitam.
  • Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon. = terlihat kaya harta dan benda dengan barang titipan orang lain
  • Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan. = setiap manusia pasti pernah merasakan kesusahan.
  • Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana. = lebih baik tahu terlebih dahulu resikonya daripada akhirnya susah ( memikirkan pahit dan manis terlebih dahulu)
  • Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  • Kandel kulit beungeut euweuh caerá. = tidak punya malu
  • Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna. = mengibaratkan orang yg berbuat salah kita yg harus bertanggung jawab.

  • Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala. = memerintah orang lain tidak sabar sambil marah2
  • Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.= tidak punya sopan santun
  • Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon. = mengibaratkan orang yg tidak enak dipandang.
  • Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing. = tidak bisa diam
  • Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan. = bicaranya keras da cepat/biasanya mengibaratkan wanita yg sedang marah.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker. = mengibaratkan orang yg masuk ke pergaulan baru, mengikuti hawa nafsunya sebab tidak ada yg membimbing atau mengingatkanya.
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana. = mengibaratkan pesan atau amanat dari orang yg mau meninggal/telah meninggal, yg memberatkan ahli waris,keluarga dan kerabat yg mendapatkan amanat tersebut untuk memenuhi semua keinnginanya.
  • Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.= seperti orang yg buruk rupa.
  • Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki. = mengibaratkan orang yg sedang banyak rezeki
  • Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae. = sedang merugi.sial,apes dll
  • Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna. = lugu
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur. = bila diatasnya buruk begitupun yg dibawahnya.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina. = teramat miskin
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona. = kebawa bawa orang lain dalam suatu perilaku.
  • Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak. = harus bisa menjaga diri. mengurus diri sendiri, menitipkan diri
  • Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik. = harus bisa mensyukuri rezeki yg sedikit
  • Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.= harus bisa mengikuti adat dan kebiasaan di lingkungan yg baru
  • Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lakuna. = baik tingkah lakunya
  • Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak. = segala sesuatu harus dipikirkan secara matang.
  • Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud. = satu pekerjaan atau gagasan yg mengandung dua maksud.
  • Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna. = gimana nanti.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran. = jangan jadi pikiran gimana nanti saja.
  • Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan junun. = mau berusaha mendoakan anak agar anak sucses.

sejarah bahasa sunda

Fakta Sejarah Asal Usul Bahasa-Basa Sunda dan Perkembangannya, Bahasa Sunda merupakan bahasa yang diciptakan dan digunakan oleh orang Sunda dalam berbagai keperluan komunikasi kehidupan mereka. Tidak diketahui kapan bahasa ini lahir, tetapi dari bukti tertulis yang merupakan keterangan tertua, berbentuk prasasti berasal dari abad ke-14.
Prasasti dimaksud di temukan di Kawali Ciamis, dan ditulis pada batu alam dengan menggunakan aksara dan Bahasa Sunda (kuno). Diperkirakan prasasti ini ada beberapa buah dan dibuat pada masa pemerintahan Prabu Niskala Wastukancana (1397-1475).
Salah satu teks prasasti tersebut berbunyi “Nihan tapak walar nu siya mulia, tapak inya Prabu Raja Wastu mangadeg di Kuta Kawali, nu mahayuna kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuliling dayeuh, nu najur sakala désa. Ayama nu pandeuri pakena gawé rahayu pakeun heubeul jaya dina buana” (inilah peninggalan mulia, sungguh peninggalan Eyang Prabu Adipati Wastukentjana yang bertakhta di Kota Kawali, yang memperindah keraton Surawisesa, yang membuat parit pertahanan sekeliling ibukota, yang menyejahterakan seluruh negeri. Semoga ada yang datang kemudian membiasakan diri berbuat kebajikan agar lama berjaya di dunia).
Dapat dipastikan bahwa Bahasa Sunda telah digunakan secara lisan oleh masyarakat Sunda jauh sebelum masa itu. Mungkin sekali Bahasa Kw’un Lun yang disebut oleh Berita Cina dan digunakan sebagai bahasa percakapan di wilayah Nusantara sebelum abad ke-10 pada masyarakat Jawa Barat kiranya adalah Bahasa Sunda (kuno), walaupun tidak diketahui wujudnya.
Bukti penggunaan Bahasa Sunda (kuno) secara tertulis, banyak dijumpai lebih luas dalam bentuk naskah, yang ditulis pada daun (lontar, enau, kelapa, nipah) yang berasal dari zaman abad ke-15 sampai dengan 180. Karena lebih mudah cara menulisnya, maka naskah lebih panjang dari pada prasasti. Sehingga perbendaharaan katanya lebih banyak dan struktur bahasanya pun lebih jelas.
Contoh bahasa Sunda yang ditulis pada naskah adalah sebagai berikut:
• Berbentuk prosa pada Kropak 630 berjudul Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518) “Jaga rang héés tamba tunduh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajongjonan. Yatnakeun maring ku hanteu” (Hendaknya kita tidur sekedar penghilang kantuk, minum tuak sekedar penghilang haus, makan sekedar penghilang lapar, janganlah berlebih-lebihan. Ingatlah bila suatu saat kita tidak memiliki apa-apa!)
• Berbentuk puisi pada Kropak 408 berjudul Séwaka Darma (abad ke-16) “Ini kawih panyaraman, pikawiheun ubar keueung, ngaranna pangwereg darma, ngawangun rasa sorangan, awakaneun sang sisya, nu huning Séwaka Darma” (Inilah Kidung nasihat, untuk dikawihkan sebagai obat rasa takut, namanya penggerak darma, untuk membangun rasa pribadi, untuk diamalkan sang siswa, yang paham Sewaka Darma).

Tampak sekali bahwa Bahasa Sunda pada masa itu banyak dimasuki kosakata dan dipengaruhi struktur Bahasa Sanskerta dari India. Setelah masyarakat Sunda mengenal, kemudian menganut Agama Islam, dan menegakkan kekuasaan Agama Islam di Cirebon dan Banten sejak akhir abad ke-16. Hal ini merupakan bukti tertua masuknya kosakata Bahasa Arab ke dalam perbendaharaan kata Bahasa Sunda.
Di dalam naskah itu terdapat 4 kata yang berasal dari Bahasa Arab yaitu duniya, niyat, selam (Islam), dan tinja (istinja). Seiring dengan masuknya Agama Islam kedalam hati dan segala aspek kehidupan masyarakat Sunda, kosa kata Bahasa Arab kian banyak masuk kedalam perbendaharaan kata Bahasa Sunda dan selanjutnya tidak dirasakan lagi sebagai kosakata pinjaman.
Kata-kata masjid, salat, magrib, abdi, dan saum, misalnya telah dirasakan oleh orang Sunda, sebagaimana tercermin pada perbendaharaan bahasanya sendiri. Pengaruh Bahasa Jawa sebagai bahasa tetangga dengan sesungguhnya sudah ada sejak Zaman Kerajaan Sunda, sebagaimana tercermin pada perbendaharaan bahasanya. Paling tidak pada abad ke-11 telah digunakan Bahasa dan Aksara Jawa dalam menuliskan Prasasti Cibadak di Sukabumi. Begitu pula ada sejumlah naskah kuno yang ditemukan di Tatar Sunda ditulis dalam Bahasa Jawa, seperti Siwa Buda, Sanghyang Hayu.
Namun pengaruh Bahasa Jawa dalam kehidupan berbahasa masyarakat Sunda sangat jelas tampak sejak akhir abad ke-17 hingga pertengahan abad ke-19 sebagai dampak pengaruh Mataram memasuki wilayah ini. Pada masa itu fungsi Bahasa Sunda sebagai bahasa tulisan di kalangan kaum elit terdesak oleh Bahasa Jawa, karena Bahasa Jawa dijadikan bahasa resmi dilingkungan pemerintahan. Selain itu tingkatan bahasa atau Undak Usuk Basa dan kosa kata Jawa masuk pula kedalam Bahasa Sunda mengikuti pola Bahasa Jawa yang disebut Unggah Ungguh Basa.
Dengan penggunaan penggunaan tingkatan bahasa terjadilah stratifikasi social secara nyata. Walaupun begitu Bahasa Sunda tetap digunakan sebagai bahasa lisan, bahasa percakapan sehari-hari masyarakat Sunda. Bahkan di kalangan masyarakat kecil terutama masyarakat pedesaan, fungsi bahasa tulisan dan bahasa Sunda masih tetap keberadaannya, terutama untuk menuliskan karya sastera WAWACAN dengan menggunakan Aksara Pegon.
Sejak pertengahan abad ke 19 Bahasa Sunda mulai digunakan lagi sebagai bahasa tulisan di berbagai tingkat sosial orang Sunda, termasuk penulisan karya sastera. Pada akhir abad ke 19 mulai masuk pengaruh Bahasa Belanda dalam kosakata maupun ejaan menuliskannya dengan aksara Latin sebagai dampak dibukanya sekolah-sekolah bagi rakyat pribumi oleh pemerintah.
Pada awalnya kata BUPATI misalnya, ditulis boepattie seperti ejaan Bahasa Sunda dengan menggunakan Aksara Cacarakan (1860) dan Aksara Latin (1912) yang dibuat oleh orang Belanda. Selanjutnya, masuk pula kosakata Bahasa Belanda ke dalam Bahasa Sunda, seperti sepur, langsam, masinis, buku dan kantor.
Dengan diajarkannya di sekolah-sekolah dan menjadi bahasa komunikasi antar etnis dalam pergaulan masyarakat, Bahasa Melayu juga merasuk dan mempengaruhi Bahasa Sunda. Apalagi setelah dinyatakan sebagai bahasa persatuan dengan nama Bahasa Indonesia pada Tahun 1928. Sejak tahun 1920-an sudah ada keluhan dari para ahli dan pemerhati Bahasa Sunda, bahwa telah terjadi Bahasa Sunda Kamalayon, yaitu Bahasa Sunda bercampur Bahasa Melayu.
Sejak tahun 1950-an keluhan demikian semakin keras karena pemakaian Bahasa Sunda telah bercampur (direumbeuy) dengan Bahasa Indonesia terutama oleh orang-orang Sunda yang menetap di kota-kota besar, seperti Jakarta bahkan Bandung sekalipun. Banyak orang Sunda yang tinggal di kota-kota telah meninggalkan pemakaian Bahasa Sunda dalam kehidupan sehari-hari di rumah mereka. Walaupun begitu, tetap muncul pula di kalangan orang Sunda yang dengan gigih memperjuangkan keberadaan dan fungsionalisasi Bahasa Sunda di tengah-tengah masyarakatnya dalam hal ini Sunda dan Jawa Barat. Dengan semakin banyaknya orang dari keluarga atau suku bangsa lain atau etnis lain yang menetap di Tatar Sunda kemudian berbicara dengan Bahasa Sunda dalam pergaulan sehari-harinya. Karena itu, kiranya keberadaan Bahasa Sunda optimis bakal terus berlanjut.