Sabtu, 07 Agustus 2010

LIRIK LAGU CEURIK RAHWANA

CEURIK RAHWANA

Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.

Lagam : Cianjuran

Laras : Madenda

Banon dari anu lucu

Bojo Kakang anu geulis

Da anu geulis

Kadieu sakeudeung geuwat

Engkang rek mere pepeling

Aduh geulis mere pepeling

Geura sambat indung bapa

Bilih kaduhung di ahir

Duh engkang romroman kalbu

Pupuja lahir jeung batin gusti

Lahir jeung batin

Aya naon pangersa tara tara tisasari

Aduh da tisasari

Nyauran ragrag cisoca

Abdimah saredih perih

Kaduhung kakang kaduhung

Kataji nu lain lain

Geulis nu lain lain

Kaiwat goda rancana

Kagendam ku sintawati

Geuningkieu karasana

Malindeus malika diri

CEURIK RAHWANA

Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.

Lagam : Cianjuran

Laras : Madenda

Banon dari anu lucu

Bojo akang anu geulis…. Geulis….

Kadieu sakeudeung heula

Akang rek mere pepeling…. Aduh

Geura sambat indung bapa

Samemeh akang pinasti

Aduh enung anu ayu

Nu geulis pupujan ati…. Geuning….

Akang tangtu ngababatang

Samemeh akang pinasti… aduh

Aduh geulis … akang pinasti

Erek menta dihampura

Lahir tumekaning batin

Kaduhung akang kaduhung

Kataji nu lain lain.. geuning…

Kaiwat goda rancana

Kagembang ku sintawati…aduh…

Geuning kieu balukarna

Malindes balik ka diri

Banondari akang ampun

Rumasa geus nganyenyeri… geuning

Salawasna dikakaya

Nyandung geus puluhan kali…aduh…

CEURIK RAHWANA (2)

Maneh nu sabar tawekal

Doraka akang kabadi

Ayeuna tepung panungtung

Jeung akang moal panggih deui…geuning

Akang menta dihampura

Kaawak maneh nu geulis…aduh

Poma ulah rek gagabah

Mun boga salaki deui

Ulah milih anu weduk

Anu gagah rongkah sakti… geuning

Nu dugal sartabasangkal

Boga rasa ieu aing…aduh..

Lalanang dikolong jagat

Bakti manggulang mangguling

Nu weduk teu burung ajur

Nu sakti tanwande mati…geuning…

Nu dugal teu burung ajal

Da taya anu linuwih…aduh…

Sakumna mahluk di dunya

Wekasan nana mah sami

Tidak ada komentar:

Posting Komentar