Minggu, 23 Mei 2010

SASAKALA SANGKURIANG


Dongeng atawa oge sok disebut legenda atawa sakakala
Sangkuriang mangrupakeun salah sahiji dongeng nu
paling kakoncara di tatar Sunda, malahan dongeng ieu
sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeung
kasundaan.
Upama nilik dina jalanna carita, asa ku pamohalan
pisan kunaon karuhun Sunda nyieun dongeng nu teu
ilahar, jiga nu euweuh gawe nyawang teh sakahayang
rasa, malahan aya sabagean urang Sunda nu ngarasa era
jeung mungkin manghanjakalkeun ku ayana dongeng ieu,
sabab ngabalukarkeun datangna pamoyokan batur, majar
urang Sunda turunan Anjing (Si Tumang tea), urang
Sunda teu uni hayang ngawin ka indung. Tapi ke heula
ki dulur, didieu urang kudu lantip, da apan urang
percaya luluhur sunda lain jalma barodo, da
sabodo-bodona oge maenya nepi ka boga pamikiran yen
jalma daek kawin jeung anjing kalayan ngahasilkeun
anak jalma, jeung piraku deui parahu bisa ngajadi
gunung mah. Sabalikna malah urang percaya ku
sababaraha bukti nu nganyatakeun yen luluhur Sunda
sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa. Didieu tangtu
luluhur sunda ngahaja nguji pangarti jeung ngadidik
turunanana sangkan motekar dina nalungtik naon
pimaksudeunana, jeung apan geus jadi kabiasaan yen
dina unggal carita ngandung siloka. Ku pinter-pinterna
dina nyusun carita nepikeun unggal carita karasana
hirup jeung jiga nu nyata ayana, kurang-kurangna
lantip mah dina ngalenyepanana bisa ngabalukarkeun
kasamaran. Geura hayu urang guar naon atuh harti eta
carita.

Ringkesan Carita :
Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis
kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang
Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung
alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu
dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung
komara sang Raja. Dina sajeroning pangasingan, pikeun
ngaleungitkeun kakesel, nya sapopoena sok ngadon ninun
di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun,
taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan
anyaman benang murag ka handapeun saung. Kulantaran
keur kagok digawe tambah hoream turun ti saung, Dayang
Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek mangnyokotkeun
jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe
rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun
salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu ngaran si
Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang
Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong
teh mangrupa anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku
alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap
teh sarua jeung sumpah nu teu meunang dibolaykeun.
Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa
Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu
ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida
kasepna nu dingaranan Sangkuriang.
Sangkuriang ti orok nepi ka mangkat baleg, salawasna
diasuh jeung diaping ku Si Tumang, kamana Sangkuriang
lumampah didinya si Tumang ngintil marengan. Hiji
mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek,
mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah
Sangkuriang sangkan moro mencek jeung kudu kabawa
jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe
jeput teu panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu
geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang bingung ku
lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung,
Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang
teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul
akalna, terus si Tumang dipanah jeung dicokot
jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka
indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.
Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si
Tumang, anu saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang
kamana si Tumang. Barang ditanya kitu Sangkuriang
ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna
Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku
Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak
sakala Dayang Sumbi ambek kacida sabab si Tumang teh
bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sinduk batok nu
keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah
Sangkuriang nepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun
sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat
teu puguh arah tujuan kalunta-lunta asup leuweung
kaluar leuweung naek gunung-turun gunung, asup guha
kaluar guha, nya bari ngelmu sakapan-paran.

Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang
tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep tur luhung ku elmu,
jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha Kawasa, hiji
mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir
wujudna teu robah lir parawan welasan taun geulis
kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran
ngagem elmu awet jaya. Duanana pada-pada teu wawuh
pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang
paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun
jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut
teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek
hirup babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi
saleuwi ka darat jadi salogak
Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk
Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang,
harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu
jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis
palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka
Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus
dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng
eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan
dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku
Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna
teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan
pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna
dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.
Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu
percaya, alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung
bisa leuwih ngora tibatan dirina, Sangkuriang boga
anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun
ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus
ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak
ngajelaskeun sangkan nu jadi anak sadar jeung narima
kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu
percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali
rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagala
hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang
Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku
beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan
nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta
Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung
nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran
madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat
bisa katedunan ku Sangkuriang.
Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru
ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah
Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang
Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir
anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida
reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus
sidakep situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta
pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bisa
nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh,
gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di
wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun
boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun
pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda
peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung
para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang
babarengan narutu lisung tutunggulan.
Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago
jadi reang pating kongkorongok. Mireungeuh kajadian
kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean
kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit
deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu
balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bisa
direngsekeun ku Sangkuriang.

Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu
can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung
Tangkubanparahu, tunggul-tunggul sesa nuar kai pikeun
nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul,
sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung
daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu
puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk
sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna
Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

Harti dina carita nu kasungsi :
Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung
kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon ”Danau Purba
Bandung” karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu
ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun
carita.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun.
Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang
jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong
hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan
leuwih talilti, eces tur museur. Tumang teh
mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna
koneng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah
kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan
sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng
ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina
wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya
jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu
mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang”
tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu
oge ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang”
nyaeta sebutan keur awewe, harti lianna asal tina
kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut
atawa halus. Dayang bisa oge dihartikeun asal tina
kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = dewa).
Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya
nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti
wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awewe = ibu
pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing
seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti
ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri
teh hakekatna suci nu asal tina acining ibu
pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin
ka si Tumang).

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda
dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa
napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu jeung harti
lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang.
Dayang Sumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi
bakal nganyatakeun yen ti jaman ayana manusa di dunya
tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis,
pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun
wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna
teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan
tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna
Dina palsapah/kapercayaa n Sunda netelakeun yen Sang
Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung
dibatinan. Ingsun (kuring)mangrupakeu n dat suci nu
asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya
ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na.
Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran
indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran
Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya
Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina
acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran
kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang
sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu
marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya
jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta
waktu si Tumang di paehan Dayang Sumbi kacida benduna,
nu hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu
kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal
leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha
balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu
gawe, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri
jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan
di dunya bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu
aya ajaran pikeun maehan napsu, ngan tangtu kudu
dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun
diri ninggalkeun urusan dunya.

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah
jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu
rancage, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang
ditakol ku sinduk tepi ka pitak.
Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi
ngandung harti, yen kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu
hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung
tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti
dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu
ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara
ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji
parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan
kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di
talaga).
Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku
Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh
pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri
manusa, nyaeta : pangawasa/gerak- langkah,
pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas,
pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati
manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun
kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja
estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuring na.
Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan
di dunya jeung ngudag kahayang/cita- cita sarta
ningkateun harkat jeung martabat dirina.

Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan
obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku
elmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun
atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran).
Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe
rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok
ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak
dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual Sunda
ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu
bisa ngawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan
akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati
ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun
akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi
supir/nahoda) . Lamun akal pikiran jeung rasa napsu
geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan
lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu
terusna kongkorongok) , tangtu kuring jeung kurung teu
bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup
manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu
bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran
di talaga) nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan
jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung
sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul) , hate
nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen
(Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku
lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di
dunya, Ingsun (kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya
kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang
jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)

Intisari papatah nu dibewarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu
gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha
Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina
saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai,
acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan
kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung
panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati
dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa
nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya
oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu
aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya,
kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu
dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu
Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun
urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu
ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri
sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu
inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha
Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping
jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung
langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung
kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).
Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung,
ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu
ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa,
hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu
(guriang tujuh).

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu
kakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran,
rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara
ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun
akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun
ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun
akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun
bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu
ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun
ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan
jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu
nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa
hirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan
nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upama
can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag
kurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda
Sangkuriang, ku kituna mugia bae pedaran ieu tiasa
nambah
kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning
kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih
penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi
ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.

Hatur nuhun, rampes.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar