Senin, 27 September 2010


Girimis nu jadi saksi
Mun nyawang mangsa katukang
Waktos urang babarengan
Ngaleupas kasono ati
Ngaleupas katineung ati

Kiwari tinggal waasna
Lalakon cinta nu urang
Mengkeut janji rek ngahiji
Hanjakal henteu ngajadi
Jodo mah kagungan gusti

Reff: Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
Kabayang anjeun imut ngahereuyan
Ngan hanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang tos paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Kapan tilas lalampahan urang duaan
Masih.. narembongan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar